|
Nya bukti
di gurun keusik aya nu muncul, ngabaptis jeung ngawulang, nya eta
Yohanes. Piwulangna kieu, Geura tarobat, geura dibaptis, geus tangtu
dosa maraneh dihampura ku Allah. Markus 1:4 Jalma-jalma kabeh ngabarandungan kana kasauran Yesus, lantaran maranehna teh, pangpangna tukang-tukang mulung pajeg, geus narurut kana pamundut Allah supaya balener, jeung geus daraekeun dibaptis ku Yohanes. Sabalikna urang Parisi jeung guru-guru agama mah arembungeun narima pituduh Allah keur pisalameteunana teh, jeung arembungeun dibaptis ku Yohanes. Lukas 7:29-30 |
|
Jadi ku
eta baptisan teh urang geus dikubur jeung Anjeunna, milu maot jeung
Anjeunna, supaya sakumaha Kristus geus digugahkeun ku kakawasaan Rama
anu mulya, urang oge bisa nyorang hirup anu anyar. Rum 6: 4
urang teh dijait disalametkeun. Tapi disalametkeun ge lain ku sabab urang geus migawe anu hade, tapi ngan ku perbawa sih piwelas-Na, anu dilaksanakeunana ku Roh Suci. Rereged diri urang teh ku Roh Suci dikumbah beresih, nepi ka hirup urang jadi anyar. Titus 3:5 Kaula ngabaptis aranjeun teh ku cai, pikeun tanda yen aranjeun geus tarobat. Tapi anu engke sumping pandeurieun kaula, ngabaptisna teh ku Roh Suci jeung seuneu. Anjeunna leuwih agung ti batan kaula, mangjingjingkeun tarumpah-Na ge kaula geus teu layak. Mateus 3:11 |